Wednesday, March 19, 2008

Ka Inget Dulur Dongkrak

Sajak ti Keanaan

Kanggo Jabo sareng Teater Dongkrak

Labirin Aktor

Solali suling bambu

Menyan putih

Mangundang dewa

Dewa-dewa sukma

Widadari

Rante-rante turun ti langit

Rante-rante nu hangit

Sajarah urang

Sajarah wayang nu dibalang-balang ti panggung ka panggung

Kalangkang ting kolebat

Nembrag rupa nu pinuh karahaan jaman

Aeh…..

Rohang-rohang sakabeh jeritan

Dimana tung-tungna peuting

Dimana buah ruhsiah jempling

Iraha roh bisa cicing kalawan tingtrim

Solali suling bambu

Menyan putih

Mangundang dewa

Dewa-dewa sukma

Widadari

Getih ngabayahbah ti dalapan madhab

Seuneu ngahuru suku, leungeun jeung beuheung

Garis-garis nasib

Bau nu rarujit

Pebeulit jeung sakur sora kasakit

Naha bisa waktu di ancurkeun ku awaking

Naha bisa awaking bisa nyangking jagat badag jagat leutik

Jalan-jalan batu heureut ku rumit

Aduh

Eunya….eunya

Sewang-sewang kudu nyorang hirup

Kudu nguyup peurah dirina sorangan

Amboeng

Rante-rante turun ti langit

Rante-rante nu hangit

Dibeuleum napas manusa nu teu bisa leungit

18 Maret 2008

Gedong Kasenian Tasikmalaya

No comments: