Sunday, March 16, 2008

Keur Teater Dongkrak

Kuring salaku jalma nu sagala hayang bisa kana sagala widang, hususna dina widang “teater” nu ku kuring keur dilakonan (nyaaa, sanajan nunutur oge). Sa’atosna kuring ningali jeung ngareungeukeun pagelaran “JEBLOG” karya’na N. Nazharudhin Azhar, nu di pidangkeun ku “Teater Dongkrak Tasikmalaya” dina tangal 12 Maret 2008 di Gedong Kesenian Tasikmalaya (Dadaha). Kuring ngarasa cangcaya ku rasa bungah anu kacida gede’na. Ti mimiti ningali, kuring geus yakin ieu garapan teh teu sarua jeng ngahuapkeun kurupuk, nu gampangna kawas melah sawo. Ieu garapan teh katingali kacida pisan hese’na, butuh pikiran jeung tanaga anu linghas na kawas bujur ucing di balur tarason, jeung deuih ari cek kuring mah ieu naskah teh alus pisan, oge matak ngarag-ragkeun hate jeung ngapungkeun pikiran, jeung teu gampang ieu naskah teh, ari maca hungkul mah babari, ngan nu hesenamah neangan siki’na.

Kuring neumpo Andarea Fatih salaku Sarwani nu teurus mihareup kabebasana sangkan panggih jeung Pamajikanana nu geus kawin deui jeung lalaki sejen, ngarasa satir jeung pikasediheun pokonamah. Terus Wit Jabo salaku Dalka nu terus mihareup Nyi Putri Bulan nu Sakapeung jadi indungna, karasa pisan narik hate kuring salaku jelema nu jauh ti indung, beuneur hirup teh asa jadi Supa anu nyorangan handapeun tangkal camara. Oge Kinglihing salaku Burhan nu hayang maleus ka hiji jalama anu ges neluh kolotna neupi ka pati na, tapi teu bisa maleus ka eta jalama, teurus pindah jadi martir anu rek ngabeuleudagkeun bom tina hiji rangseulnya. Tapi manehna kaburu kaceureuk ku kaamanan.


Isukanana kuring ningali tulisan nu ditempel dina triplek tukangeun kaca jeung ditulis na ku “Lendra Dee Praja”, ceunahnamah cek Lendra “JEBLOG itu GOBLOG” (jiganamah manehanan kontra ka “JEBLOG” nya? he…) Kuring seuri leutik hareupeun kertas eta, cek kuring teh “Beneur pisan Si Lendra teh…..” (alesanamah aya di diri aranjeun meureun) ngan kuring teueteup mere pertanyaan keur “Lendra Dee Praja”, pertanya’an na teh:

Apakah anda terpikir konsep “JEBLOG” dengan rantai yang menjadi tabir ke tiga orang itu sebelumnya?
Apakah anda bisa menjadi sutradara dan melahirkan konsep yang besarnya lebih dari garapan “JEBLOG” ini? (ari cek uingmah geude eta konsep teh).

Eta meureun ari peurtarosan’na mah, ngan upami jawabna “ya”, sok diantos, waktosna mung opat bulan.. he…….

Rian Bungsu


No comments: