teater-dongkrak-tasikmalaya

Téater Dongkrak Tasikmalaya ngagebrag Gedong Kasenian Rumentangsiang ku pintonan JEBLOG karya Nunu Nazarudin Azhar. Éstuning matak hélok, ta’jub, tur kataji. Ti munggaran layar dibuka, suasana geus geueuman ku ayana sora “musik” tingkoloprakna jeung tinggolombrangna sora ranté anu diadu jeung barang séjén. Tokoh Dalka (Diperankeun ku Jabo Widianto), Burhan (Diperankeun ku King Lihing), jeung Sarwani (Diperankeun ku Andarea Patih), leungeun jeung sukuna diborogod ku ranté panjang anu tungtungna (tangtuna ogé) dikaitkeun kana barang anu kacida wewegna. Ketak tiluanana “diatur” ku ranté nu nyangreud leungeun jeung sukuna. Lebah dieu sutradarana calakan pisan. Ranté téh mibanda multi pungsi anu kacida merenah. Ranté bisa dijieun musik anu alami tur kacida mangaruhanana kana suasana pintonan. Ranté ogé tangtuna mangrupa salahsahiji properti séting panggung anu matak tibelat. Ku ayana ranté anu nyangreud tilu pamaén, “gambar” panggung jadi leuwih éstétis. Pon kitu deui, kalintang ngarojong kana ékting aktor, pangpangna dina ngaracik bahasa tubuh. Pangpangna tokoh Burhan, kabantu pisan ku ranté anu nyengker awakna palebah adegan ngapung.
Ideuna dina ngolah séting, musik, pengadegan, geus sakitu hadéna. Katambah deui ku vokal aktor jeung aktrisna anu keuna tur kajiwaan. Geus euweuh masalah dina intonasi. Dialog-dialogna dijiwaan, dibarung kakuatan vokal anu geus kalatih. Ku kituna pintonan Téater Dongkrak Tasikmalaya tangtu baé aya “getihan”. Naskah anu nurutkeun kuring beurat, ku Téater Dongkrak Tasikmalaya mah kaawakan. Sapanjang féstival, kualitas Téater Dongkrak Tasikmalaya katingali rada nenggang ti nu séjénna. Sutradarana (Yudi Cemed), aktorna, aktrisna, panata musikna, panata panggungna, asa teu kaleuleuwihi lamun engké kapilih jadi nominasi pinunjul.
Kahéngkéran tetep aya. Anu natrat mah palebah konsisténsi aktor ngabasakeun dirina. Iwal ti tokoh Burhan, dua tokoh séjénna mindeng henteu konsistén nyebut “urang”, “uing”, jeung “aing”. Basa tokoh “Sarwani” keur dialog jeung “Ratna”, aya kalana ngabasakeun “kuring”, tapi aya kalana ngabasakeun “akang”. Pon kitu deui mangsa dialog jeung Dalka, aya akalana ngabasakeun “aing”, jeung aya kalana “uing”. Pon kitu deui sabalikna, Dalka ogé nandangan pasualan anu sarupa dina hal éta. Kilang kitu, kahéngkéranna bisa katutup ku ékting nu bener-bener matak tibelat.
Tokoh “Patugas Panjara” deuih anu ngagejlok deui téh, henteu pati béda jeung pasualan nu karandapan ku Béngkél Seni Sukabumi. Katingalina kurang daria nataharkeun tokoh Patugas. Padahal, sakali deui, éta téh tokoh konci pikeun ngécéskeun tur nandeskeun lalakon JEBLOG.
Ngeunaan tokoh “Wanoja” (Diperankeun ku Ina Wahyuni), kuring mibanda catetan husus. Ceuk kacamata subyéktif kuring, anu pangpunjulna tur gedé andilna dina ngahirupkeun suasana téh taya lian tokoh “Wanoja”. Manéhna bisa ngulinkeun opat karakter tokoh kalayan matak kataji. Sapanjang lima poé féstival, kakara ieu aktris anu katoong ku kuring kalintang pantesna pikeun jadi salahsahiji nominasi aktris pinunjul. Kuring percaya, juri mah moal kapangaruhan ku ieu tulisan kuring. Jeung deui, tulisan kuring mah anggap wé sakadar aprésiasi kana pitonan, da mémang niatna ogé lain rék mangaruhan juri, ukur catetan pribadi anu meunang dibaca tur didebat ku saha baé.
Wilujeng ka Téater Dongkrak Tasikmalaya. Mugia sing langkung suksés kapayunna.***